Makna Peribahasa Indung tunggul rahayu bapak tangkal sadarajat
Paribasa nyaeta salah sahiji rupa tina pakeman basa. Pakeman basa nyaeta susunan kekecapan atawa kalimah anu geus tetep, sarta ngabogaan harti khusus anu geus tetep oge. Anu kaasup kana pakeman basa dina basa Sunda nyaeta saperti paribasa, babasan, gaya basa, pamali, cacandran jeung kila-kila. Paribasa nyaeta ucapan anu matok, saeutik patri, nu mangrupa siloka lakuning hirup saperti pituah atawa piwuruk. Harti tina paribasa Sunda "indung tunggul rahayu, bapa tangkal darajat" nyaeta yen "kasalamatan jeung kabagjaan anu jadi anak teh gumantung kana karidoan jeung do'a ti anu jadi indung–bapana". Dina sawatara paribasa Sunda sok aya paribasa anu kecap-kecapna murwakanti atawa miboga purwakanti, saperti dina paribasa anu di luhur. Harti Purwakanti nyaeta padeukeutna sora antar kecap-kecap anu aya dina hiji kekecapan atawa kalimah. Saperti dina paribasa anu di luhur, nyaeta kecap "indung" murwakanti jeung kecap "tunggsul" sarta kecap ...