Makna Peribahasa Indung tunggul rahayu bapak tangkal sadarajat


  Paribasa nyaeta salah sahiji rupa tina pakeman basa. Pakeman basa nyaeta susunan kekecapan atawa kalimah anu geus tetep, sarta ngabogaan harti khusus anu geus tetep oge. Anu kaasup kana pakeman basa dina basa Sunda nyaeta saperti paribasa, babasan, gaya basa, pamali, cacandran jeung kila-kila. Paribasa nyaeta ucapan anu matok, saeutik patri, nu mangrupa siloka lakuning hirup saperti pituah atawa piwuruk.

    Harti tina paribasa Sunda "indung tunggul rahayu, bapa tangkal darajat" nyaeta yen "kasalamatan jeung kabagjaan anu jadi anak teh gumantung kana karidoan jeung do'a ti anu jadi indung–bapana". Dina sawatara paribasa Sunda sok aya paribasa anu kecap-kecapna murwakanti atawa miboga purwakanti, saperti dina paribasa anu di luhur.

    Harti Purwakanti nyaeta padeukeutna sora antar kecap-kecap anu aya dina hiji kekecapan atawa kalimah. Saperti dina paribasa anu di luhur, nyaeta kecap "indung" murwakanti jeung kecap "tunggsul" sarta kecap "rahayu". Sedengkeun kecap "bapa" murwakanti jeung kecap "tangkal" sarta kecap "darajat".

    Aya oge anu cekap, pakeman basa ieu teh gaduh makna nu sanes, nyaeta pami haus rasa kasih sayang ti indung,bapa,rerencangan, sodara, kabogoh,sareng nu sanes, eta teh kedah ngenta ka doa na ka indung Pami bade rezekina di lancarkeun sareng di seeurkeun berlimpah, eta kedah ngenta ka bapa.

Contoh doa ti indung nyaeta, aya hiji budak leutik anu manehna kirang kasih sayang ti indung sareng bapana, di sakola di poyokan wae, di bully. teras manehna teh ngenta doa ka indung na 

supados hirup na teh tentram damai sareng penuh kasih sayangg, janten doa manehna teh di kabulkeun ku tuhan nu maha esa, alhamdulillah si budak leutik ieu teh kahirupan na janten penuh kasih sayang sareng tentram aman damaii, nahh eta teh doa anu ti indung, Pami doa ti bapa nyaeta , aya hiji jalmi anu kahirupan na teh teu gaduh nanaon, acis teu aya, tuangeun teu aya, bumi tos lapuk, teras maneh na teh resah pisan kanu dunia teh pedah kahirupan na kitu kitu wae, teu aya dameulan, teu aya acis kanggo tuang, janten didinya teh manehna ngenta doa ka bapa ameh rezekina sing di lancarkeun...., aya panggilan damelan....., aya acis kanggo tuang, kanggo meser bumi anu anyar, tiasa meser acuk, jeung anu sanes. Tah eta teh contoh ti doa indung sareng bapa, jiga nu di jelaskeun di luhur nyaeta yen "kasalamatan jeung kabagjaan anu jadi anak teh gumantung kana karidoan jeung do'a ti anu jadi indung–bapana". 

    Janten pakeman basa ieu teh ngainfokeun bahwa doa ti indung sareng ti bapa teh bener bener penting kanu hahiruoan arurang, ridho ti indung teh sami sareng ridho ti allah, janten arurang teh kedah ngahormatkeun pisan ka kolot, kedah nyaah pisan, kedah nurut pami kolot teh mere nyaho, dangukeun naon anu di omongkeun ti indung sareng bapa

Komentar